jieun conto paparikan,rarakitan jeung wawangsalan,,,,,,
B. Daerah
mln28
Pertanyaan
jieun conto paparikan,rarakitan jeung wawangsalan,,,,,,
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Paparikan, rarakitan jeung wawanggsalan mangrupakeun rupa-rupa puisi anu aya dina sisindiran. Umpama dina basa Indonesia, sisindiran teh sarua hartina jeung pantun. Umpama ditilik dina eusi atawa maksudna, aya tilu rupa sisindiran, nyaeta sisindiran anu eusina mangrupa piwuruk, sisindiran anu eusina mangrupa silihasih, jeung sisindiran anu eusina mangrupa sesebred atawa heureuy.
Aya dua rupa puisi Sunda, nyaeta puisi anu eusina mangrupa carita jeung puisi anu eusina henteu mangrupa carita. Conto puisi Sunda anu eusina mangrupa carita nyaeta saperti wawacan jeung carita pantun. Sedengkeun conto puisi Sunda anu eusina henteu mangrupa carita nyaeta sisindiran, mantra, guguritan, jeung sajak. Dina puisi Sunda oge aya puisi anu disebut carita pantun. Tapi carita pantun beda jeung pantun anu aya dina sastra Indonesia atawa sisindiran anu aya dina sastra Sunda.
Dina sapada paparikan jeung rarakitan aya opat padalisan. Sedengkeun dina sapada wawangsalan aya dua padalisan. Dina sisindiran aya bagean anu disebut cangkang, jeung aya bagean anu disebut eusi. Dina paparikan jeung rarakitan, padalisan kahiji jeung padalisan kadua mangrupakeun bagean cangkang, padalisan katilu jeung padalisan kaopat mangrupakeun eusi. Sedengkeun dina wawangsalan, padalisan kahiji mangrupa kulit, padalisan kadua mangrupa eusi. Dina sapadalisan sisindiran biasana aya dalapan engang. Di handap ieu nyaeta conto sisindiran paparikan, rarakitan jeung wawangsalan:
1. Paparikan
naon eta bet disenter
geus sidik eta teh sangu
lamun hayang jadi pinter
kudu rajin maca buku
2. Rarakitan
Hate bungah nempo soto
hayang geura-geura dahar
Hate kuring rasa sono
hayang panggih jeung manehna
3. Wawangsalan
Alat ngitung dipencetan
rupa kasep awak kotor (wangsalna kalkulator).