Jelaskeun rupa rupa kabudayaan sunda
B. Daerah
Ryuuthoriq8684
Pertanyaan
Jelaskeun rupa rupa kabudayaan sunda
1 Jawaban
-
1. Jawaban Selin248
Sawer Panganten
Sawer asal kecapna tina awer nu ngandung harti awur, aya sabagian anu nyebutkeun yen sawer the teu parok jeung aturan agama sababna alesanana mubazir, saenyana lamun ditengetkeun ku urang, sawer mibanda hari yen urang the dina ngawangun laki ribu kudu daek ngalaksanakeun sodakoh, bias dirobah sangkan nyawer the teu mubazir, nyaeta teukudu make beas, cukup we duit jeung permen, dina sawer panganten pinuh pisan ku papatah pikeun duanana, kumaha carana ngawangun hiji rumah tangga, tur kumaha cara ngalaksanakeun hak sareng kawajiban sewang-sewangan.
2. nincak endog
Anu teu apal kana maksudnamah, ieu teh teu meunang, da cenah teu parok deui jeung aturan agama, ari nincak endog teh ngandung harti anu jero, kolot baheula geus ngawawadianan masalah hubungan sex salaki pamajikan, dua-duana kudu pada ikhlas, pamajikan teu meunang mondah kahayang salaki najan kumaha bae. Sabab bisa jadi dosa, dina ngalaksanakeun kawajiban ulah hayang meunang sorangan. Dawuh Rosululoh, yen teu meunang hiji salaki ninggalkeun pamajikan ku jalan sare, bari dina kaayaan pamajikan hanjelu, jadi sauyunan teh dina sagala widang kaasup dina ngalaksanakeun kawajiban antara salaki pamajikan. Tur deuih kacida teu meunang boh salaki, boh pamajikan ngucah ngaceh rusiah rumah tangga utamana kakurangan anu aya dina diri masing-masing. Kitu tah tujuan nincak endog the.
3. Sungkeman
Ieu dilaksanakeun sabada akad nikah, yen dina ngawangun rumah tangga, urang moal tiasa leupas tina pangjurung sareng doana ti indung bapa, indung tunggulna rahayu, bapa catang nu darajat, nyaah jeung deudeuh moal pegat najan tos katalian ku beungkeutan raki rabi.
4. Buka Panto
Ieu oge adat nu kacida hadean, tur ku urang kudu di aji jerona pamaksudan. Memeh asup panganten awewe tos tiheula terus lawang panto teh ditutup ku samping kebat. Lalakina tetep diluar, biasana pake juru kawih lalaki jeung awewe. Ieu tata cara buka panto ku urang kudu dilenyepan, geuning kolot baheulamah tos ngajarkeun yen awewe anu tos boga salaki teu meunang narima semah kitu bae, majar teh bisi aya jurig nyiliwuri. Antukna bisa jadi fitnah nu bakal mawa mamala pikeun hiji rumah tangga. Payus pisan da ajaran islam oge pamajikan teu meunang narima semah nu lain mahramna dina waktu salakina teu nyampak.
5. Ngeuyeuk seureuh
Ngeuyeuk seureuh asal kecapna tina paheuyeuk-heuyeuk jeung beubeureuh/ panutan/ kabogoh, hartina babarengan ngurus/migawe hiji pagawean anu hasilna rapih tur hade. Ngeuyeuk seureuh saenyanamah ngadidik kumaha carana rumah tangga boh lahirna boh batina. Ceuk cohagna mah pendidikan anu ngandung unsure nu serem.
6. Mapag hujan
di kampung ujung, Désa Sirap, Kacamatan Ujung Beurang, kabupatén Subang, Jawa Kulon.Kasenian Ketuktilu Mapag Hujan mangrupa kasenian anu geus dilaksanakeun saprak 100 taun ka tukang.Sabenerna kasenian ieu dipaké lain ngan pikeun ngabagéakeun usum hujan waé kasenian ieu ogé dilaksanakeun waktu talari ngocorkeun cai ti walungan ka sérang atawa ngabeungkat, melak paré atawa Mapag Dewi sri, sarta waktu panén sarta syukuran di désa kampung Ujung.
Animo masarakat anu masih paduli jeung kasenian tradisional kawas dina pagelaran ieu tétéla pohara badag, kabuktian jeung lobana masarakat anu datang dina tanggal 3 juli 2012 ka tempat kasebut ngan pikeun nyaksian talari ketuktilu mapag hujan ti isuk-isuk nepi ka soré poé.
Dina acara Talari Ketuktilu mapag hujan Dipentaskan para penari ronggeng anu jeung bungah mementaskan pagelaran kasebut.Turut hadir dina acara éta jajaran Dipsabud Jabar sarta Disbudparpora Subang, ogé jajaran pajabat ti Pemprov Jabar, unsur Muspida sarta Muspika Kabupatén Subang. sajaba ti éta hadir ogé sajumlah inohong-inohong seni talari asal Kabupatén subang sarta séjénna.
7. meuleum harupat eujeung meupeuskn kendi
Harupat kudu dibeuleum nepi ka murub sarta ditiup babarengan. Ngaliwatan ritual ngabeuleum harupat, diharepkeun kadua mempelai daék silih ngéléhan. Samentara ritual memecahkan kendi bermakna yén duanana kudu digawé babarengan pikeun ngahontal tujuan.
8.Seserahan
Seserahan éta sabenerna mangrupa simbolisasi ti pihak lalaki minangka wangun tanggung jawab ka pihak kulawarga wanoja. Pikeun adat istiadat Jawa, seserahan biasana dibikeun dina waktu peuting midodareni atawa pikeun adat istiadat Sunda, seserahan biasana dibikeun dina waktu ngeuyeuk seureuh. Tapi teu arang anu méré seserahan dina waktu akad nikah.